07 Februari 2022

 #Serial dongeng

#Uis.Jayaklana

"MANYANYI"

Kacaritakeun aya hiji kaluarga nu salaki sareng pamajikan nu sama-sama sibuk. Eta pasangan teh nembe gaduh putra hiji. ngaran budakna teh nu ka telah nyaeta Si Utun. Makana eta  Si  Utun diogo pisan ku bapak sareng ibuna teh. Sakali mangsa eta Si Utun teh  nyarios ka ibuna hayang pipis saurna. Teras ku ibuna di anteur ka kamar mandi.

Ema                : Utun kin deui mah lamun hayang pipis teh nyariosna hayang "manyanyi" nya!

Utun               : kudu  nyarios MANYANYI nya ma, mun hayang pipis. (si Utun nelahkeun Ema ka ibu na)

Ema                : Enya bener kitu, tun!

Ti harita lamun Si Utun hayang pipis teh sok biasa ngomong hayang MANYANYI boh ka bapana boh ka emana.

Hiji mangsa kacaritakeun bapa sareng ibu na Si Utun aya kagiatan panataran nu kudu ngendong di hotel. Atuh kapaksa Si Utun dititipkeun ka aki sareng nini na nu imahna beda lembur jeung Si Utun.

Pas peuting na Si Utun ngendong di aki sareng nini na, Si Utun guling gasahan teu bisaeun sare. Ku akina Si Utun teh ditanya.

Aki                  : Utun ku naen guling gasahan wae, sok geura peureum!

Utun                : aki...aki....Utun hayang manyanyi...(Si Utun bari Ngarenghik rek ceurik)

Aki                   : hus...tos peuting Utun ulah manyanyi bisi kagandengan batur, sok mending geura sare!

Utun                 : aki...aki...akiiiii...(bari mulai ceurik)...Utun hayang manyanyi aki....hayang manyanyi

                           (bari terus ceurik radi tarik)

Ahirna akina ngelehan bari ngupahan ka incumn Si Utun.

Aki                    : Nya atuh ari hayang-hayang teuing manyanyi mah, kadieu Utun caket kuping aki

                            lalaunan nya!

Ngadenge parentah kitu ti akina geuwat Si Utun (da geus teu kuat) ngalaksankeun MANYANYI di kuping akina.

Aki                    : @##$$%RTFGTBTH^%!&())_(&&&% HB+





Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Desiminasi Raport Pendidikan, Perencanaan berbasis data dan KOSP

Desiminasi Raport pendidikan, Perencanaan berbasis data dan Kurikulum Operasional Pendidikan (KOSP) dilaksanakan pada hari senin 5 Oktober 2...