30 Januari 2022

#Serial dongeng

 SUKRO

dicaritakeun deui ku kang Uis Jayaklana

Kabejakeun di hiji mangsa, aya jajaka gandang tur pertentang rek nganjang kahiji lembur rek nepungan hiji wanoja nu geulisna kabina-bina. Jarak ti imah jajaka ka imah wanoja nu rek dianjangan teu pati jauh kurang leuwih duaratus meteran. samemeh neruskeun leumpangna eta jajaka teh meuli heula sukro di warung hareupeun imahna sabungkus. sambil lempang eta jajaka ngageletukan sukro nu jerona eusina kacang. can ge seep eta sukro nu geletukan kaburu nepi ka imah wanoja nu di dama-dama. Kapaksa sukro nu sesana disakuan kana saku payun bajuna.
Tepi lawang panto imah wanoja manehna uluk salam bari keketrok. Teu lila panto aya nu muka singhoreng teh emana.
Ema         : waalaikumsalam,....har geuning si Ujang.
Ujang       : muhun, ma! bade ameng ka si nyai
Ema         : sok atuh kalebet ujang, mangga calik heula di ruang tamu ke si nyai ku ema urang calukan.
                  nyai...nyai,  yeuh aya nu ameng si ujang....enggalan kadieu sakantenan nyandak cai sareng  
                  rencangna
Nyai        : nya, ma kedap!
Teu lila si nyai datang bari mawakeun cai sareng sukro di piringan
Ujang      : bari ngagerentes jeroeun hate...(duh sukro gening, bari nyabak sukro nu dina saku bajuna)
Ema         : mangga ujang dileueut caina, sareng mangga eta sukro na di raosan
Ujang       : wios ma teu kedah ngarepotkeun.... haturnuhun
Ema         : ku ema dikantun heulanya, bade ka cai.
Ujang       : mangga ma
kacaturkeun tos lami gunem catur na (kurang leuwih setengah jaman) si jajaka bade pamitan mulang. ku si nyai emana dipanggil da nu natamu bade pamitan.
Ema         : har, ku sakedap gening ameng teh jang, eta sukro na ku naon teu di emam.
Ujang       : muhun ma, wios sukro mah kangge si nyai wae...(bari tuluy pamitan teras make sapatu nu
                   aya talian)
Barang keur nalikeun sapatu bari nonggeng, ari borojol teh sukro nu dina saku laluncatan kaluar..ngampar na lantai.
Ema          : Ari Ujang ku sakedik atuh nyandak sukrona, padahal mah candak we sadayana kangge di
                   jalan. (bari nrerengeh seuri)
Ujang        : #%#@$*%%$??!!
                    (teu bisaeun ngajawab bari nahan era, rek ngajelaskeun teu wasa.)

tah sakitu carita Sukro ....cag
                    
                   



Desiminasi Raport Pendidikan, Perencanaan berbasis data dan KOSP

Desiminasi Raport pendidikan, Perencanaan berbasis data dan Kurikulum Operasional Pendidikan (KOSP) dilaksanakan pada hari senin 5 Oktober 2...